Title | Darso Sakur Ngimpi |
Source | AB_117_IN |
Duration | 04:53 |
Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
Saprak anjeun ngaleos
Ngabeubeutkeun duriat
Hirup asa nunggelis hate mararingis
Saprak anjeun ninggalkeun
Ngararajet cinta urang
Pikiran baluweng pinuh ku emutan
Sagala rasa kabawa anjeun
Saparo nyawa ngilu ka anjeun
Nikmatna hirup leungit teu nyesa
Teuing kamana..
Letah teu mirasa sagala karasa pait
Sare gulang guling hese peureum
Kahayangmah ieu teh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri
Kahayangmah waktu teh ngulang deui
Sabulan anu katukang
Basa silih keukeupan
Ngahelas kaleungitan
Ngorejat seseblakan
Lieuk euweuh-lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan
Ngareup-ngareup sakur ngimpi
Ngareup-ngareup anjeun datang
tiap detik ngan tatanya
Dimana anjeun
Letah teu mirasa sagala karasa pait
Sare gulang guling hese peureum
Kahayangmah ieu teh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri
Kahayangmah waktu teh ngulang deui
Sabulan anu katukang
Basa silih keukeupan
Ngahelas kaleungitan
Ngorejat seseblakan
Lieuk euweuh-lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan
Ngareup-ngareup sakur ngimpi
Ngareup-ngareup anjeun datang
tiap detik ngan tatanya
Dimana anjeun.
mantep kang hatur nuhun
BalasHapus