Title | POP SUNDA DARSO - DEMI ANJEUN |
Source | Asep D. Nurhidayat |
Duration | 05:07 |
Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
Demi anjeun diri kuring moal mungkir
Demi anjeun jangji kuring moal jalir
Ulah rek hariwang ulah rek salempang
Hate kuring moal arek lunca mulang
Demi anjeun tekad kuring moal ngilang
Demi anjeun hasrat kuring moal pudar
Moal arek lunca moal rek auntat
Estu kuring ka anjeun rek mikanyaah
Geulis du’akeun akang
Akang seja ngalalana
Mumbara ka tanah sabrang
Mugiya pinanggih bagja
Wayahna geulis wayahna
Rek ditinggalkeun ku akang
Lain akang rek sulaya
Tapi demi cinta urang
Wayahna geulis wayahna
Wayahna sing tumarin
Ka Gusti urang sumerah
Mugiya halal baroqah
Demi anjeun tekad kuring moal ngilang
Demi anjeun hasrat kuring moal pudar
Moal arek lunca moal rek auntat
Estu kuring ka anjeun rek mikanyaah
Geulis du’akeun akang
Akang seja ngalalana
Mumbara ka tanah sabrang
Mugiya pinanggih bagja
Wayahna geulis wayahna
Rek ditinggalkeun ku akang
Lain akang rek sulaya
Tapi demi cinta urang
Wayahna geulis wayahna
Wayahna sing tumarin
Ka Gusti urang sumerah
Mugiya halal baroqah
Ka Gusti urang sumerah
Mugiya halal baroqah.
0 komentar:
Posting Komentar