Title | RITA TILA - HANJAKAL |
Source | enalplazagarden24 |
Duration | 06:17 |
Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
Lain rek nampik duh engkang
Lain rek nolak
Kanyaah engkang ka abdi meulitna ati
Mepende masketna hate
Mepende linduh kadeudeuh
Mepende tingtrimna ati
Aduh aduh engkang...
Lain rek nampik duh engkang
Lain rek nolak
Kadeudeuh engkang ka abdi nurihan ati
Sok inggis nyangsara diri
Sok inggis tugenah ati
Sok inggis janten mamala
Aduh aduh engkang...
Aduh engkang...
Lungkawing lewangna ati
Nyandingna kaasih engkang
Sok inggis pinanggih peurih...
Aduh engkang...
Longkewang ringrang salempang
Nyimpaina kanyaah engkang
Palias nandang tunggara
Kahoyong mah duh engkang..
Jongjon duaan..
Nyulam bagja..
Cinta urang..
Duh duh engkang.. Hanjakal teuing..
Duh duh engkang.. Tos rimbitan..
Lain rek nampik duh engkang
Lain rek nolak
Kadeudeuh engkang ka abdi nurihan ati
Sok inggis nyangsara diri
Sok inggis tugenah ati
Sok inggis janten mamala
Aduh aduh engkang...
Aduh engkang...
Lungkawing lewangna ati
Nyandingna kaasih engkang
Sok inggis pinanggih peurih...
Aduh engkang...
Longkewang ringrang salempang
Nyimpaina kanyaah engkang
Palias nandang tunggara
Kahoyong mah duh engkang..
Jongjon duaan..
Nyulam bagja..
Cinta urang..
Duh duh engkang.. Hanjakal teuing..
Duh duh engkang.. Tos rimbitan..
0 komentar:
Posting Komentar