Koleksi Lagu Sunda

Minggu, 03 Februari 2019

Rere Reina – Ayun Ambing


Audio Player

Title " AYUN AMBING "
Source Sitare Gallery
Duration 05:53


Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
[ Wahyu OS ]
Ayun ambing diayun-ayun ku samping
Deudeuh anaking jimat awaking
Geura geude geura sakola nu luhur
Wangun lemah cai ku pangarti

Ayun ambing diayun-ayun ku samping
Nyaah buah hate kamelang kuring
Jaga lamun dunya nanjeur karasana
Omat tetep nyaah kasasama

Anaking jimat awaking
Mihape kuring pepeling
Anaking getih awaking
Omat hidep hirup kudu surti
Dunya lain sagalana

[ Rere ]
Ayun puntang diayun pinuh harepan
Harepan nu dibeungkeut ku pituduh
Ka cai sing saleuwi ka darat jadi salebak
Getih kuring sing pinuh manfaat

Ayun ambing diayun-ayun ku samping
Nyaah buah hate kamelang kuring
Jaga lamun dunya nanjeur karasana
Omat tetep nyaah kasasama

Anaking jimat awaking
Mihape kuring pepeling
Anaking getih awaking
Omat hidep hirup kudu surti
Dunya lain sagalana

Anaking jimat awaking
Mihape kuring pepeling
Anaking getih awaking
Omat hidep hirup kudu surti
Dunya lain sagalana.

Rere Reina – Ayun Ambing Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Unknown

0 komentar:

Posting Komentar