Koleksi Lagu Sunda

Sabtu, 02 Februari 2019

Fanny Sabila - Tepung Salangkung


Audio Player

Title Fanny Sabila - Tepung Salangkung
Source Bandung Music
Duration 05:15


Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
Waktos ngawitan patepang lebah pengkolan
Na sorot soco aya teuteup rada manjang
Ngabelengeh anjeun imut
Meni lucu matak kairut
Nembus rasa jajantung ratug dag dig dug

Teu loba catur ngaleos terus ngalengkah
Sanajan hate ngarasa beurat tur wegah
Da kahayang mah bisa ngobrol rada lila
Rek nyarita kahalang ku rasa era

Sok sanajan patepung ukur salangkung
Aya teuteup meungkeut geugeut
Duh... Kadeudeuh maneuh
Moal enya salira sami micinta

Da katawis na sorot soca
Poe isuk rek ulin deui kadinya
Susuganan aya bagja
Tepang deui jeung anjeunna

Teu loba catur ngaleos terus ngalengkah
Sanajan hate ngarasa beurat tur wegah
Da kahayang mah bisa ngobrol rada lila
Rek nyarita kahalang ku rasa era

Sok sanajan patepung ukur salangkung
Aya teuteup meungkeut geugeut
Duh... Kadeudeuh maneuh
Moal enya salira sami micinta

Da katawis na sorot soca
Poe isuk rek ulin deui ka dinya
Susuganan aya bagja
Tepang deui jeung anjeunna

Fanny Sabila - Tepung Salangkung Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Unknown

0 komentar:

Posting Komentar