Title | PILEMBURAN voc. Yayan jatnika |
Source | Senda Lenggana Enda |
Duration | 04:55 |
Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
**
Ciremisna pucuk eurih
Marurag ka endag angin
Kasorot cahaya surya
Burisat lir mutiara
Tangkal haur sadapuran
Ngiuhan sisi walungan
Caina herang ngageunyas
Herang katembong laukna
Reff
Endah alam pilemburan
Iuh-iuh tatangkalan
Kiara tinggal satangkal
Umurna enggeus taunan
Pilemburan padumukan
Geus lila tara diteang
Hampura kuring tamelar
Moal lila kuring rek datang
Back**
0 komentar:
Posting Komentar