Koleksi Lagu Sunda

Selasa, 08 Januari 2019

Yayan Jatnika - Lamunan


Audio Player

Title Yayan Jatnika - Lamunan.mp4
Source Alam Priangan
Duration 06:14


Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
Daun kalapa nu oyag ka tebak angin
Siga gupayna kawas gupayna nu lawas ilang
Kasawang deui nembongan deui
Asih munggaran nu teu kahontal dina lamunan

**
Mun seug manehna kiwari aya gigireun
Meureunan hate moal tagiwur dirungrung gandrung
Atuh ka mana naha di mana
Ukur ngolebat dina lamunan Dina lamunan

Reff
Unggal tempat tos dipapay manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa dijugjug wale teu aya

Kembang-kembang ka tresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan

Back to **
Back to reff

Yayan Jatnika - Lamunan Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Unknown

0 komentar:

Posting Komentar