Koleksi Lagu Sunda

Minggu, 20 Januari 2019

Rika Rafika – Bray Beurang


Audio Player

Title Rika Rafika: Bray Beurang
Source misra kusen
Duration 05:03


Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
Surya atuh geura medal
Pan geus teu aya balebat
Nu ngagurat beulah wetan
Pangjurungkeun tuh halimun
Anu teu weuleh ngagulung
Dipicuk gunung

Angin atuh geura datang
Tuh oyagkeun dangdaunan
Ulah arek kajongjonan
Cai ibun ngagarantung
Suganweh nungtut ragragan
Bray geura beurang

Sapasang saeran
Bungah mapag caangna beurang
Tapi ari diri kuring
Anu teu weuleh nyorangan

Rasa was-was kahariwang
Ka anu dipikamelang
Anu lawas nu teu mulang
Duh panutan

Angin atuh geura datang
Tuh oyagkeun dangdaunan
Ulah arek kajongjonan
Cai ibun ngagarantung
Suganweh nungtut ragragan
Bray geura beurang

Sapasang saeran
Bungah mapag caangna beurang
Tapi ari diri kuring
Anu teu weuleh nyorangan

Rasa was-was kahariwang
Ka anu dipikamelang
Anu lawas nu teu mulang
Duh panutan.

Rika Rafika – Bray Beurang Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Unknown

0 komentar:

Posting Komentar