Koleksi Lagu Sunda

Selasa, 29 Januari 2019

Lina Sule - Kacang Asin


Audio Player

Title KACANG ASIN.flv
Source adinda346
Duration 04:24


Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
Kacang asin kacang, kacang asin
Dibantunmah ka Sukajadi
Abdi isin, abdi isin engkang
Sok sieun teu ngajadi

Kamanamah kamana ngaitkeun kincir
Kakaler ka Majalaya
Abdi isin, abdi isin jungjunan
Sok sieun anjeun sulaya

Kacang asin kacang, kacang asin
Dibantunmah ka parapatan
Abdi isin, abdi isin engkang
Tangtos seueur kaleleupatan

Ka Baros mah ka Baros jalan ka Lembang
Ngisir bingsin di kalerna
Sanaos mah raga paanggang
Batin teteup sasareungan

Lina Sule - Kacang Asin Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Unknown

0 komentar:

Posting Komentar