Koleksi Lagu Sunda

Jumat, 18 Januari 2019

Doel Sumbang – Pangandaran


Audio Player

Title Doel Sumbang - Pangandaran
Source Subang2008
Duration 06:58


Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan dina samak salambar
Ehm saksina bulan anu sapotong
Ehm saksina bentang anu baranang

Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut pangandaran

Dina ati pada-pada kedal jangji
Urang silih asuh silih asih silih jagi
Deg ngadegkeun harti asih saeunyana
Deg ngadegkeun harti deudeuh saeunyana

Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nungtung kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nungtung kana jalan salah
Sisi laut pangandaran

Reud dicangreud hate geus pageuh kabeungkeut
Sisi laut pangandaran
Reud dicangreud beuki raket beuki geugeut
Sisi laut pangandaran

Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan dina samak salambar
Ehm saksina bulan anu sapotong
Ehm saksina bentang anu baranang

Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut pangandaran

Tina ati pada-pada kedal jangji
Urang silih asuh silih asih silih jagi
Deg ngadegkeun harti asih saeunyana
Deg ngadegkeun harti deudeuh saeunyana

Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nungtung kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nungtung kana jalan salah
Sisi laut pangandaran

Reud dicangreud hate geus pageuh kabeungkeut
Sisi laut pangandaran
Reud dicangreud beuki raket beuki geugeut
Sisi laut pangandaran.

Doel Sumbang – Pangandaran Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Unknown

0 komentar:

Posting Komentar