Koleksi Lagu Sunda

Senin, 28 Januari 2019

Darso – Bulan Nyeungseurikeun


Audio Player

Title Darso - Bulan Nyeungseurikeun
Source Dies Abiy
Duration 05:05


Lyrics / Lirik Tembang Sunda :
Na kunaon sagala rupa ngan aral gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha kandas pamaksadan
Kamudahan bet ngabalieur kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan naha naha kunaon

Boa-boa halangan diri nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar mani panjang sapanjang jalan kareta
Aduh Gusti aduh Gusti kumaha ngentengkeunnana
Aduh Gusti aduh Gusti kumaha ngabebaskeunna

Panon cireumbai mapai-mapai pipi ragragan kana sajadah
Nginget-nginget laku lampah ninggang salah jeung salah

Hate anu meurih hate nu ngajerit kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa ampun ampun duh Gusti

Boa-boa halangan diri nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar mani panjang sapanjang jalan kareta

Aduh Gusti aduh Gusti kumaha ngentengkeunnana
Aduh Gusti aduh Gusti kumaha ngabebaskeunna.

Darso – Bulan Nyeungseurikeun Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Unknown

0 komentar:

Posting Komentar